Kaca:Carita Abdurahman jĕng Abdurahim.pdf/117

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
112

doewa kampil, tjik gĕra itoeng saha noe maling! Pijatoer ki Djapar: Powé mana lĕngit na! Tjatoer sodagar: Powé ije pisan! Toeloej koe ki Djapar di itoeng, powé djĕng tanggal, gěs di itoeng Djapar hatoeran: éta oewang noe doewa karoeng téh lain di paling: dina itoenganana mah, adjěngan baé poho něnděn, gěra téjangan baé? Tidinja di oengkab dina handapĕn barang-barang, doemadakan kapanggih. Ti harita ki sodagar pěrtjaja ka ki Djapar, kitoe děhi ki Djapar tambah pěrtjaja ka élmoena běnang goegoeroe téja.

Hělět doewa boelan, tatanggana sédjén lengitěn pěpětén di ěsi sosotja intěn; manggih bédja jén ki Djapar bisa matangankĕn; ki Djapar di ala, toeloej di tanja koe ki sodagar noe lělĕngitĕn téh; pék koe ki Djapar di itoeng, tjara baréto, di tjampoerken powé djĕng tanggal; gěs di itoeng, ki Djapar ngomong pokna: Éta pěpětén téh di paling koe awéwé djangkoeng hiděng, toeloej koe ki sodagar di ĕntěp-entěpkěn, sakoer tatanggana noe kitoe pandéna, di tanja sĕrta di těrěka, kabéh pada nampik, sĕrta hantě saé toengtoengna.

Ka émpér-émpér ka Radja, toeloej ki Djapar di rangkét saratoes kali, datang ka kalengěr sĕrta biritna ngadjĕplok, hantě bisa lĕmpang-lĕmpang atjan, malah sodagar doewanana