Kaca:Carita Abdurahman jĕng Abdurahim.pdf/119

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
114

pada mĕnang siksaän, doeméh nganděl ka noe kitoe. Měnang tiloe boelan ki Djapar hantě bisa lĕmpang, ĕnggěs tjagěr ogé, lěmpangna mah djingdjét, tina kabangětan ngarangkét; tapi tina kabodowan djĕlĕma-djĕlĕma, aja kénéh baé noe měrtjaja, djĕng ki Djapar masih kénéh baé pěrtjaja kana élmoena. Ajěna ki Djapar rék ngadjadjal élmoe sirěp, boga nijat maling banda tatanggana, inditna těngah pěting, nangtoeng djoeroe pagěr imah noe rék di paling téja, bari mapatkěn djampé njirép, wantoening waktoena haréés noe rék di paling téh, sabatoerna ngarěděng sĕrta haréés, ngan aja hidji boedjang tatjan tibra, kakara doeg ngěděng bětěng noelis, ngagigirkěn lésnar panoelisan, doemadakan noe boga imah pohowěn ngoentji. Toeloej ki Djapar asoep ka imah, atohĕn réhna panto hantě di toelakan, sĕrta oedjoeb atina, jén matih djampéna, boektina panto hantě di koentji, djĕlĕma haréés galĕmpar. Toeloej ki Djapar njokot papakéjan, noe njarampaj oejoep-ajap; ari éta boedjang noe bětěng noelis téh, něgěskěn baé ka lampah, ki Djapar kitoe, hantě di kagétkĕn, hajangěn njaho toengtoengna djěng ngarep-ngarěp di sampěrkěn, tapi gěs sadija