Kaca:Carita Abdurahman jĕng Abdurahim.pdf/121

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
116

njĕkĕlan kalam haroepat bari ngěděng kékérékan; ari ki Djapar sanggĕs béjak papakejan noe njarampaj, rasa koerang réja, toeloej njampěrkěn ka boedjang noe ker ngĕdĕng, njandingkĕn lésnar téja, rék njokot lésnar. Barang kĕk di tjĕkěl lésnar téh, matana di tjotjog koe kalam haroepat pandjang, ki Djapar ngagĕro bari loempat, kagét kabéh djĕlĕma noe, kěr haréés téh bari nanja ka boedjang: Aja nahon? aja nahon? Di bédjaan koe ki boedjang, jén aja si Djapar maling; tapi taja noe kabawa barangna mah, di tinggalkĕn kabéh, sĕrta gětih oetjrat-atjrét, kalam asoep saramo kana mata ki Djapar, malah kalamna bĕrĕm pinoeh koe gětih.

Tidinja ki Djapar toeloej kaboer baé, hantě daékĕn moelang kadoenoenganana dĕi, ladjoena toeloej bramaén baé, djadi kékéré sĕrta tampa daksa, nja tjingkěd nja pétjak.

Lalampahan ki Noeroedin doeloer kadoewa:

Ki Noeroedin gĕs aja di djero kota Měsir, manakawan di mantri, di pětakĕn koe mantri téh, di piwarang barang gawé, tapi kijě loepoet, kitoe loepoet, taja pisan ladjoena. Ari mantri