Kaca:Carita Abdurahman jĕng Abdurahim.pdf/123

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
118

téja radjin, tara nganggoerkĕn djĕlĕma, ki Noeroedin di piwarang ngapoet mota, kěr baris himah, paranti oerang Měsir lělĕmpangan tjara imah pětana, bĕnang mantri milih pagawéjan panggampangna; parandéné kitoe, ki Noeroedin hantĕ bisa kénéh baé. Tina djéngkélna manah mantri téh, toeloej njandak patjoel koe andjĕn, … na: Taħ ijĕ patjoel; manéh gĕra matjoel! Toeloej ki Noeroedin matjoel, tina bodoņa, matjoel ogé hantĕ bisa, tĕ ari balas ngahoelĕng rék ĕrĕn, da, di toenggoewan koe djoeraganana, nangankĕn manéh baé tĕpi ka tĕngah powé ti isoek, gĕs kĕmboeng lẽngěna tina hantĕ toeman!

Djoeraganana geomoedjĕng, ningalikĕn kabodowan ki Noeroedin, bari ngalahir ka réntjang-réntjang na: Tah baroedak dĕlĕkĕn koe manéh, kitoe toengtoengna djĕlĕma koerang adjar téh, datang ka wagoe ngoelangkĕn patjoel. Soemawoea di gawé noe koedoe maké atoeran, komo hantĕ bisa! Watĕs harita ki Noeroedin hantě pati di toelatéman koe djorraganana, di momorékěn baé tina taja pisan gawéna.

Ki, Noeroedin mikir pilampahĕn awak, ingět ka běnang-