Kaca:Carita Abdurahman jĕng Abdurahim.pdf/125

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
120

na di adjar élmoe téja, tidinja boga nijat ngabégal, kira poekoel salapan ti pĕting indit ti pondokna, ngadjoegdjoeg ka loewar kota, rék měgat noe ngaliwat; doemadakan aja sodagar poelang ti djaoehna, ngiringkĕn anoe nanggoeng barang-barang, rék balik ka djěro kota, ki Noeroedin měgat tengah djalan bari mapatkěn dowa serta njěkĕlan panĕnggěl, bari nanja ka noe ngaliwat téh, pokna: Anoe timana ijě ngaliwat? Di wangsoel koe noe di tanja: Poelang ti ditoe! Noeroedin hantě tata pasini děhi, djědak baé něnggěl; wantoening réja batoerna noe ngaliwat téh, datang batoerna noeloengan, Noeroedin di tenggěl děhi kana tarangna, toeloej loempat, di oedag, měněr kana lombang, laboeh potong soekoena, matana katjolok datang ka pétjak; tatapi hantě koengsi kapanggih koe noe ngoedag téh. Ari isoek kapanggih koe paréntah, di rawatan di bawa ka imah paranti noe gěring, di tjampoerken djĕng sagala noe gěring, di oebaran koe doekoen; ana gĕs tjagĕr, di tjampoerkěn djeng sagala kékéré, djadi tampa daksa, nja déjog nja pétjak.

Lalampahan pangais boengsoe noe ngaran Abdoelkarim: