Kaca:Carita Abdurahman jĕng Abdurahim.pdf/13

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
8

njoehoenkěn di paparin modal, sedja di adjar dagang, hajang noeroetan děngěn-děngěn!

Koe ramana kasoerti pihatoer para poetra sakitoe, sěmoe njindiran doeméh hantě di angkěn tjara děngěn-děngěn.

Tidinja ramana njaoer: Hé baroedak! Ama ajěna rék njaritakěn lalampahan ama, déngékěn koe maranéh, noe matak ama sakijě nja ka běngharan!

Lalampahan Abdoerahman Mimiti : Asalna ama liwat saking malarat, njatoe soré hantě isoek, katinggal koe indoeng koe bapa lětik kénéh , taja pisan anoe makihikěn. Tidinja ama toeloej djadi matros di kapal oerang Měsir, měnang bajaran tiloe ringgit saboelan, tidinja bisa ogé ama maké, gěs kitoe toeloej di bawa lajar, sědjana nangkoda téh rék ka Bagdad dagang gandoem. Děmi něpi ka laoetan, antara lima pěting děhi ka Bagdad, kapal něnggar karang, bědjad pada sapisan, djělěma noe réja goegoep, ari bapa djěng Moealim njokot papan roebak, di toempakan koe toedjoehan. Ama rawoeh batoer-batoer noe toedjoehan, pada nangkod dina papan noeroetkěn aloen; watěs sapěting djědjěg kénéh batoer, kadoewa pětingna ngoerangan lésot tina papan, sabab gěs lělěs langlajěsěn; saban powé ngoerangan,