Kaca:Carita Abdurahman jĕng Abdurahim.pdf/139

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

131

ngalamar di watja éta asiban kinasihan téh ; ari élınoe itoe ngan patañgan téja , lamoen aja 1ělčngitan , kanjahowan anoe maling atawa pernahna anoe lěñgit téja , djčng bisa njaho pikarépen batoer atawa lampah noe tjatjan kasorang. Ari élipoe sirěp, paranti ngahééskén djēlēma, lamoen oerang rék maling, njampak njaring kénéh , di watěk éta sirộp téh, tangtoe héés baé , tah sakitoe gawéna téh , djadi oerang taja kasoesah hiroep téh .

Di wangsoel koe ki Oemar Sanoesi : Nja lainoen kitoe inah taja kasoesah , tatapi rasa koela mowal djadi, oepama oerang ngawoela ka Radja-Radja, tatapi taja kabisa taja katěměñan , mowal dnja kaänggo rasa koela mah, taja kadjaba tina bisa di gawé, serta těměn wěkěl, djoedjoer pikir hadé adat. Parandéné kitoe soegan šnja baé, satjatoer andika , kawoela miloe goegoeroe, tapi djangdji perang tjoba hěla, sabab ocroesan lahir gampang di tjobana, tapi njobana koedoe rikip pisan , oelah katañgén bisi tiwas ! Wangsoel ki santri :

Ajēna mah koela sédja ngiring baé ka sampéjan , koemaha baé tarekah sampéjan , koe koela di iring !