Kaca:Carita Abdurahman jĕng Abdurahim.pdf/141

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

136

Bral doewaän lempang ngadjoegdjoeg ka kijahi , noe di goe roewan koe ki Dja par, ki Noeroedin , ki Abdoel . karim téja, ari éta santri téh tégěs oerang Měsir , ngaraña ki Rasid ; barang datang, toeloej ngoendjoengan sērta ha toeran jén rék masantren , di tampa sérta di pěrnahkën pondokna ; saban powé di woeroek djadjampéjan ; ari ki Oemar Sanoesi ngan héran baé noe aja, ngoepingkěn djampé sakitoe réjana djčng sakitoe ahéngna , tatapi nga gěrěmět baé hajang njoba , ker néjangan piakalěn ; tidinja manggih akal rék njoba patangaña , ari kěr bongoh ki goeroe toeloej di paling badjoena, di soempoetkěn di noe boeni; ki goeroe koepang-kapéng néjangan wěléh tě kapanggih ; ki Oemar Sanoesi imoet sadjěroning pikirna , di noe soeni ngomong ka batoerna teh : Gěs sapěrkara koe oerang ka tjoba jen bohong , boektina hantě njahowěn pernah badjoena, djeng djělěmana noe njoempoetkěn ! Wangsoel ki Rasid : énja gės kadongdon saětik bohongna ! Ki Oemar Sanoesi gěs měnang bédja , jén doeloer -doeloerna pada goegoeroe sērta pada méré doewit lima poeloeh pasmat séwang , ngo-