Kaca:Carita Abdurahman jĕng Abdurahim.pdf/147

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
142

banda doeloer, ari djĕng doeloer tatjan papanggih, ajĕna aja noe sakijĕ masakatna, lĕwih hadé koe aing di bikĕn baé saparo; gĕs kitoe toeloej Oemar Sanoesi ngadok pasmat tina kantong, toedjoeh poeloeh lima pasmat, di bagi rata salawé pasmat séwang, bari kijĕ pokna: Topijě koela ngamodalan salawé pasmat séwang, tjoba djalankĕn koe andika, paké djoewal mĕli néjangn̅gan kaoentoen̅gan, batina kĕr hakanĕn, tapi sabisa-bisa belah datang ka lĕn̅git djinisna! Pasmat di tampa koe tiloewan̅ana sĕrta atohĕn katjida pada maroedji ka Oemar Sanoesi; ki Djapar, ngomong ka Oemar Sanoesi, pokna : Hé Toewan kawoela tarima pisan ka Toewan, sarĕng ijĕ koe kawoela njanggakĕn djimat, paparin goeroe , pĕrjoga aja di sampéjan! Oemar Sanoesi ngawangsoel bari nampa djimat téja: ljĕ djimat téh naon gawéna! Omong ki Djapar: Ari éta djimat téh karahajoewan, sĕrta kabĕngharan! Oemar Sanoesi goemoedjéng bari kijĕ pokna: Ijĕ djimat léwih hadé aja di andika, soepaja éta oewang noe salawé pasmat téh sadjĕr̅o saboelan koedoe bisa djadi salaksa pasmat! Ki Djapar ngahoelĕng di témbal sakitoe téh, hatoer̅an dĕi ka Oemar Sanoesi: éta mah djimat sĕd̅ja ka sanggakĕn baé ka sampéjan