Kaca:Carita Abdurahman jĕng Abdurahim.pdf/149

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
144

tina pamoelang tarima kawoela, moegi sampéjan tambah bĕnghar! Wangsoel Oemar Sanoesi: Ari panarima andika, kawoela tarima pisan, tapi hantĕ kadoega ngampihan éta djimat, karana sijĕn tjara andika datang ka djadi kékéré, ijě djimat téh kahartina koe kaoela mah, lain matak bĕnghar, anggoer matak djadi kékéré, gĕs boektina di andika; njoehoen-njoehoen, djimat toengtoengna djadi kékéré!

Toeloej djimat téh koe Oemar Sanoesi di pitjĕn k djarijan; tidinja Oemar Sanoesi toeloej nejan̅gan pidoenoeng̅an̅ĕn, asoep kahidji soedagar bĕnghar, di tampa sĕrta di mioemoelé, tina kataksir pitĕm̅ĕn wĕkĕl̅ĕn̅ana, bĕki lila tambah di pĕrtjaja djĕng tambah di pikanjaäh ina katĕm̅ĕr̅ana, sagala gawé taja ngahoelĕngna, ladjoe-ladjoe kabéh, noe tatjan bisa, di adjar datang ka bisana.

Toeloej di modalan koe soedagar lima ratoes pasmat, di titah dagang, toeloej ki Oemar Sanoesi dagang. Tina kapintĕr̅an̅ana oentoeng dagangna sadjro doewa tahoen bisa nikĕl boga bati bĕrsihna saréboe pasmat, modalna kapoelangkĕn, serta ngahatoer̅an̅an batina ka ki