Lompat ke isi

Kaca:Carita Abdurahman jĕng Abdurahim.pdf/15

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
10

nĕp̅i ka opat powé ngan kari ama djĕng moealim, kalima powéna moealim lésot dĕhi tina papan, djadi ngan kari ama baé. Mĕnang sapoeloeh pĕting nja ngambang di laoet ka bawa koe aloen, mĕn̅ĕr ka hidji poeło kosong, toeloej ama ngarandang dina kikisik manggih dangdaoen̅an di hakan, gĕs mĕnang doewa pĕting di sisi basisir, aja bangké boehaja ka bawa koe ombak, pandjangna kira aja tiloe poeloeh asta.

Tidinja di sampĕrkĕn koe ama tina koe bawaning langlajĕsĕn, gĕs poho di kagĕlĕhan, di sogot̅an boehaja téh dagingna noe oedoeh, tidinja ama mĕnang sĕg̅ĕr; toeloej di korowot bětěng boehaja téh, bĕt aja bangké djělěm̅a gěs boeroek oetjoet̅an; dina roepa toelang ramona tajoh awéwé, djĕng aja sapasang gělang ĕm̅as di tarapang koe intěn, djĕng tiloe ali ĕm̅as mata inten.

Éta barang noe sakitoe toeloej koe ama di tjokot, di boengkoes dina saboek, di běběrkĕn kana tjangkéng. Mĕnang saboelan nja aja di sisi pasisir, hantě pisan papanggih djěng djělěm̅a, noe di inoen tjai asin baé, noe di hakan dangdaoen̅an. ari ti pěting naék kaloehoer kai njĕl̅apkěn