Kaca:Carita Abdurahman jĕng Abdurahim.pdf/151

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
146

soedagar, tina kanjaähan̅ana ki soedagar djĕng tina pĕrtjajana, datang ka di poeloeng min̅antoe. Sanggĕs di kawinkĕn, toeloej amit misah lĕmboer , ngababak̅an di loewar dajĕh, mĕli tarikolot noe lĕg̅a kénéh sampalan̅ana.

Toeloej ngoméjan lĕmboerna, di pĕl̅ak̅an sagala pĕp̅ĕl̅ak̅an noe aja asilna, sampalan̅ana di kĕb̅on̅an datang ka méh béjak oewangna, di paké balandja ngĕb̅on, di paké ngaboeroehkĕn matjoel djĕng mĕli bibit-bibit̅an; ari dina moesimna di ala, toeloej di poepoe di goedangan, nép̅i ka moesimņa mahal di djoewal, dina satahoen batina lĕwih oentoeng, saban-saban tahoen tambah-tambah baé batina; toeloej mibit sato-sato: onta, sapi, koeda, domba, nging̅oe doekoen noe poerah ngoebar̅an sato-sato; tina kapintĕr̅an̅ana taja pisan gagalna, sagala tarékah djadi baé.

Sadjĕr̅o toedjoeh tahoen gĕs bĕnghar katjida, malah mitohana gĕs kahandap̅an pisan, boga imah gĕd̅ong djēng pirang-pirang goedangna aja goedang oewang, goedang barang-barang, mĕli kapal doewa tiloe, di séwakĕn kaoentoen̅gan ngéntja ngatoehoe.