Kaca:Carita Abdurahman jĕng Abdurahim.pdf/155

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
150

Ki Djapar ngomong ka doeloer-doeloerna, pokna: Hé doeloer doeloer! ajĕna oerang gĕs lawas katjida nja ninggalkén indoeng bapa, toer oerang taja boeboewat̅an, ngan kijĕ baé; ari ajĕna éra-éra gé koe bapa di koemahakĕn, hajoe oerang balik baé! Ki Abdoel Karim ngawangsoel:

Rĕmpoeg pisan, hajoe oerang baralik! Tapi koemaha pět̅ana, hantě boga kěr běk̅ěl di djalan, taja péntaän̅ěn, didijě, wantoe-wantoe di djěr̅o nagara réja péntaän̅ěn, dina loepoetna pisan taja noe méré, da aja boeboer tjadong paparin nagara! Ngomong ki Noeroedin Bédjana aja djĕl̅ĕm̅a moerah balabah pisan sĕrta běnghar, boemina di babak̅an loewar kota, hajoe oerang kadarinja oerang nĕd̅a moesapir, soegan njimpĕn djakat; ari oerang koedoe oelat santri, ngoetjĕl-ngoetjĕl tasbé! Éta pirĕmpoeg ki Noeroedin sakitoe, rĕmpoeg pisan djĕng sakabéh, toeloej pada lĕmpang kaloewar kota, bari ngoĕtjel-ngoetjĕl tasbé; kabĕn̅ĕr̅an Séh Oemar Sanoesi kĕr ngaronda kĕb̅on, di iring-iring koe boedak bĕlijan djĕng koe mandor-mandor kĕb̅on̅a.

Barĕng rét Séh Oemar Sanoesi nin̅gali ka kékéré tiloewan, pada djingdjĕt pada pétjak, éling bahĕla ngálélér