Kaca:Carita Abdurahman jĕng Abdurahim.pdf/157

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
152

pasmat salawé séwang ka tiloewan, di goepajan di goepajan, datang ka ngaroendjoen̅gan, bari hantĕ porot tasbéh. Séh Oemar Sanoesi di loehoer bangkoe, kékéré pada dijoek di handap, di ampar̅an samak daoen korma, Oemar Sanoesi njaoer: Hantĕ in̅gĕt ka kawoela? Kékéré pada ngawalon: Soemoehoen hantĕ in̅gĕt! Oemar Sanoesi: Apan bahĕla koela méré doewit salawé pasmat séwang! Kékéré tiloe in̅gĕt̅ĕn, toeloej ngaroendjoen̅gan dĕi bari tjarĕrik, pokna: Soekoer di panggihkĕn dĕi, sĕrta matih dowa djasad kawoela, ajĕna sampéjan jaktos djadi tambah bĕnghar! Oemar Sanoesi goemoedjĕng , ngadan̅goe pihatoerna éta kékéré, bisa ngadowakĕn ka batoer djadi bĕnghar, ari manéhna tĕtĕp malarat, tanda kabodowan̅ana, di modalan ogé hantĕ bisa djadi, anggoer tambah malaratna.

Oemar Sanoesi njaoer: Koemaha baréto di modalan salawé pasmat séwang téh, aja djadjadina atawa hantĕ? Kékéré tiloe pada ngawangsoelan: Soemoehoen hĕntĕ djadina, kadjĕdjĕk koe hakan! Oemar Sanoesi njaoer: Djadi hantĕ matih dowa téh, boektina hantĕ bisa mahi! Kékéré tiloe ngawalon: Ari dowa témah nja matih ogé, sabab