Kaca:Carita Abdurahman jĕng Abdurahim.pdf/159

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
154

lamoen hantĕ garadoeh dowa, mĕrĕn gĕs pada paéh langlajĕs̅ĕn! Oemar Sanoesi goemĕdjeng, lahirna: Pagĕh katjida kana djampé téh, sakitoe gĕs boekti hantĕ matih, di éstokĕn baé! Sadoeloer tiloe taroengkoel, roemasa éléh bĕn̅ĕr koe séh soedagar; gĕs kitoe ki Djapar hatoer̅an bari mĕlas mĕlis pokna: Ia Toean moegi-moegi adjĕng̅an kĕrsa ngadan̅goekĕn tjarijos koering, pangintĕn koering aja ogé kawĕlas̅an adjĕn̅gan ka diri koering! Oemar Sanoesi mindĕl ngadan̅goe pihatoer sakitoe, ladjĕng njaoer: Soeka koela ngadéngé tjarita, gĕra pok andika tjarita, soegan aja, noe ahéng ahéng!

Ki Djapar tjarita. Asalna imah koering di nagara Sam. Bapa koering soedagar bĕnghar, méh tjara adjĕn̅gan, djĕnĕngan̅ana toean Séh Abdoer̅ahman, ari poetrana opat, lalaki kabéh.

Tjikalna koering ngaran Djapar, kadoewa Noeroedin, katiloe Abdoelkarim, kaopat Oemar Sanoesi.

Tidinja kabéh pada mijang ti nagara Sam, di piwarang koe poen bapa ka nagara Mĕs̅ir néjan̅gan élmoe noe ahéng; di bĕkĕl̅an doewit saratoes pasmat séwang, ari di djalan koering papisah djĕng hidji doeloer boengsoena, ngaran