Lompat ke isi

Kaca:Carita Abdurahman jĕng Abdurahim.pdf/17

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

manéh dina dahan; ari ti běrang loentang lantoeng di basisir atawa ka léwéng néjan̅gan kahakan̅an.

Barang djědjěg saboelan, ama kĕr loentang lantoeng dina kikisik, wantji lohor ahir, njěéng katěn̅gah laoet, néndjo lapat-lapat kapal kěr lajar. Éta kapal njisi, tidinja ama sakédah polah, toeloej moetjat sorban noe kěr di paké, di kélébétkěn maké djědjěr bari gěgěr̅owan, soepaja katéndjo djěng kadéñgé koe oerang kapal. Tidinja kapal téh ĕren laboe djangkar, toeloej aja matros tiloewan noeroenkěn sampan, tě lila djěb̅oel ka darat, nanja ka ama pokna: Kěr nahon didinja, sěrta koemaha asalna?

Tidinja koe ama di wangsoel, tétéla di tjaritakěn asal poerwana noematak aja didijě. Sanggés tamat ama tjatjarita, gabroeg di tjěngtjěrik̅an koe matros téh, sĕria bapa di bawa ka kapal. Barang datang ka kapal, di rog-rog kos matros-matros, di aděg̅an koe kaptén kapal djěng koe istriman, bari pada mariksa noe matak aja didinja; toeloej ama tjatjarita ti poerwa datang kawěk̅as̅an, sok di paparin papakéjan sapañgaděg, serta di piwarang barang hakan.