Lompat ke isi

Kaca:Carita Abdurahman jĕng Abdurahim.pdf/173

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
168

noe datang anjar, soedagar ti nagara Mĕsir, mawa soetra-soetra djĕng sakělat hargana maroerah, tidinja koering rék indit néjang éta dagangan; ari di téjang dina kitab koering patangan hantě hadé lĕmpang powé harita, sabab nahas ; ari tatangga koering hantě ngadji patangan, toeloej lěmpang néjang dagangan, běněr sabédja jén éta noe dagang moerah, di běli baé kabéh koe tatangga koering; sadjĕro tiloe powé tatangga koering menang oentoeng doewa riboe ringgit; oering langkoeng-langkoeng kabita sĕrta gadoeh rasa, jén éta élmoe patangan téh ngaroegikĕn katjida, karana lamoen koering hantě kanděg koe patangan, měrěn koering noe měnang oentoeng sakitoe téh! Wangsoel Abdoerahman: Běnrě njakitoe pisan tétéla jén élmoe matak roegi! Tidinja toeloej boebaran para soedagar noe ngadarěhěs téh gěs maroelih, ari Djapar, Noeroedin, Abdoelkarim gěs di pěrnahkěn dina hidji gědong, aja doewa wělas kamar, djĕng di bahanan boedak doewa séwang, noe poerah ngalalajanan barang tědana, di moemoelé tjara sakitan baé. Séh Abdoerahman banget soesahna, ningali poetra-poetrana karitoe, ngan aja pangadjĕng-ngadjĕng manahna soegan