Kaca:Carita Abdurahman jĕng Abdurahim.pdf/177

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
172

koemaha tjara pasanggrahan Radja-radja. Tina mashoerna réja soedagar-soedagar pada manggihan. Gěs měnang sapěting di dinjana Séh Oemar Sanoesi miwarang měntjit sapi, domba djěng miwarang tjatjawis tata-tata korsi médja, koemaha tjara tata Ratoe-ratoe, gěs kitoe toeloej njěrat: kijě oengělna;

Salam taälim sěrta takrim kawoela soedagar gědé ti nagara Měsir, rědjěng pitoeloenging Alah di dongkapkén kapajoeñan anoe moelja, nja éta toewan Séh Abdoeřahman, anoe tjalik sérta kaséañngan di nagara Sam, djasad kawoela ngantos-ngantos sangět, sampéjan sarawoeh poetra garwa tjaralik kapondok djasad kawoela di loewar kota, oerang dahar ngěnah! Ladjěng sěrat di lélérkěn ka pandakawan lahirna: Ijre soerat bawa ka toewan Seh Abdoerabman, soedagar poendjoel di nagara ijě! Toeloej soerat di bawa. Tina kamashoerañana Séh Abdoerahman, hantě hésé néjangan, gěs kapanggih, sărta ladjěng di sanggakěn. Séh Abdoerahman ngarandjoeg, énja ogé hantě aja pangintěña jén éta Oemar Sanoesi, tapi raosing manah soeměblak baé, gěs aja alamatna kědjoting manah. Tidinja dangdan ladjěng mangkat sapoetra garwana, hantě lila saroemping ka pasanggrahan. Seh Oemar sanoesi mapagkén bari njijoem panangan, hormat