Lompat ke isi

Kaca:Carita Abdurahman jĕng Abdurahim.pdf/179

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
174

tjara tata ka sěpoeh, Séh Djapar, Noeroedin, Abdoel karim pada tjěrik, ingět kěr mangsana di Měsir, sarta hatoerran ka ramana pokna: Nja ijě ama soedagar noe ngintoen téh! Ramana ngahoelăng. Tidinja Séh Oemar Sanoesi ngatoerañan ramana sěrta sadérék-sadérékna, njalikěn dina korsi, ladjěng pada tjaralik dina korsi majoenan médja, hantě lila djěboel djaga médja, ngatoer dahar, ladjĕng sami dahar ngěpoeng médja, ari iboena ngaréndeng djếng gěrěhana. Séh Oemar Sanoesi; langkoeng-langkoeng sami soeka, ngan Séh Abdoerahman hantě ěrěn-ěrěn héran ngamanahan kasaéjan Séh soedagar; njaoer sadjěroning manahna: Naha ijě aja djělěma sakijě hadéna djěng sakijě hormatna, koemaha tjara adat mantri ka Radja baé, tangtoe aja sababna noe matak kitoe? Sanggěs dabar Séh Abdoeřahman pamitan moelih; di soemangakěn nanging di djangdjian saban soré koedoe tjaralik děi. Ladjěng Séh Abdoerahman sapoetra garwana maroelih; saban soré tjaralik děi, asar asar saroemping, ari sabada toewang soré maroelih; kitoe baé sahan-saban pěting. Měnang toedjoeh powé toedjoeh pěting kadalapana siděkah gěde Séh Oemar Sanoesi, miwarang měntjit toedjoeh sapi sapoeloeh gibas djěng warna-