Lompat ke isi

Kaca:Carita Abdurahman jĕng Abdurahim.pdf/181

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
176

warna kadaharan lělěětan djeng noe ngarěnah di ajakěn kabéh;gěs kitoe miwarang ngondang s0edagar-soedagar djěng ngatoeranan iboe ramana djěng sadérékna kabéh. Ilantě lila saroemping Séh Abdoerahman sapoetra garwana rawoeh soedagar-soedagar noe réja, gěs kitoe miwarang déi mawa bakti, roepa-roepa panganggo noe araloes djěng mas intěn ka Radja Sam, sěrta ngoeninga saréhna rék koempoelan toewang, njoehoenkěn idin njěngět marijěm djěng naběh sagala tataběhan. Radja Sam soeka njandak pangabakti, ngidiñan sěrta miwarang papatih minangka djadi wakii Radja, tjalik ka pasanggrahanana soedagar Měsir. Langkoeng-langkoeng soeka manahna Séh Oemar Sanoesi, saréhna di tjalikan papatih, sěrta njandak réja mantri ponggawa, kabéh oerang Sam pada héraněn niñgali sadijana paparabotan. Barangrěp sarěpna, di pasang damar pirang-pirang réboe réjana, tjaang kawas ti běrang baé; sabada isa djaga médja natakěn kadaharan dina médja, ngalingkoeng para mantri, para soedagar, para oelama, ngěpoeng médja ladjěng dahar, tatapi marijěm tatjan di sěngět, tataběhan tatjan di taběh. Sabada toewang, Néh Oemar Sanoesi