Lompat ke isi

Kaca:Carita Abdurahman jĕng Abdurahim.pdf/183

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
178

njaoer bari ngarérét ngiwa něngěn ka ménak ka para soedagar, kijě saoerna: Hé para ménak para soedagar para oelama sadaja! kawoela gěs doewa poeloeh tahoen lilana, nja kaloewar ti nagara ijě, ngoembara ka nagara Měsir , di djěro doewa poeloeh tahoen kakara ngěnah něda! Sadaja noe aja di dinja kagét, ngadangoe saoer soedagar tamoe sakitoe. Patih ngalělěkan mariksa: Ari sampéjan timana nja asal? Oemar Sanoesi ngawalon sěrta ngaděg lahirna: ljě bapa djasad kawoela, Séh Abdoerahman! Ladjěng sili pěloek tjara adat oerang arab, sosonowan iboe ramana , sadérékna kabéh pada narangis tina kasoekaänana, sadaja noe pada tjalik didinja miloe narangis, malah papatihna tjoemalimbana tina kětir ningal sarta ngadangoe sasambatna séh Abdoeraahman, djěng Oemar Sanoesi. Sanggěs sili pěloek, Séh Abdoerahman, Séh Oemar Sanoesi, tjaralik děhi dina korsi, sarēng toeloej tjatjarita, pandjang tétéla pisan tina awit indit ti Sam dongkap kadjadi soedagar gědé di Měsir. Dina lebah njarijoskěn goeroe élmoe sihir téja, kabéh pada garoemoed jēng sakoer anoe ngadañgoe, ngan Séh Djapar, Séh Noeroedin, Séh Abdoelkarim, éta tiloewan narangis, di pariksa koe patih: