Lompat ke isi

Kaca:Carita Abdurahman jĕng Abdurahim.pdf/187

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
182

tarabéh, sarta Oemar Sanoesi njandak oewang pérak, ngabagi ka sakoer noe tjalik dina korsi djĕng ngawoerkon oewang pérak lalĕtik ka latar, nandakĕn soeka boengah, minagka malĕm lebaran kaloewar tina prihatin; gěs kitoe ladjĕng boebar pada moelih. Měnang saboelan Oemar Sanoesi natamoena di loewar kota Sam, oenggal pěting soekan-soekan djĕng koela wargana sadaja: gěs djĕdjĕg saboelan, ladjĕng moelih děi ka Měssir, sarta nangtoekĕn saban taoen ngintoen ka ramana roepa panganggo, djĕng kadaharan sapoeloeh onta, minangka djadi pangmoemoelé ka iboe ka rama, djadi Oemar Sanoesi loeloes pangnadaktina. Djapar, Noeroedin, Abdoelkarim: ngan sakitoe kadjadijanana, tinggal salawasna di ingonan koe sĕpoeh.

__________________

  1. ljệ tjarita gědé gawéna,

    lamoen koe djalma hadé tampana,

    djĕng di pětakěn kana dirina,

    soepaja mangké hadé djadina.
  2. Lamoen gěs kolot pinasti moekti, radjin djĕng pintér hantě soemakti,