Gěra pikir baé koe maranéh, koemaha pirasaěn̅ana pisoekuěn̅ana haté ama, tina oeroet sakitoe soesahna, kasangsarana,toeloej manggih anoe ngahandjat tina masakat noe njait tina prihatin. Ari éta noe kagoen̅gan kapal téh, oerang walanda panoet̅an Isa noe matak sakitoe bagĕrna; tjoba lamoen manggih badwi mah, mowal sakitoe noeloen̅g̅anana.
Para poetra kabéh pada tjoemalimbam, ngoepingkěn ramana tjatjarita, sěrta pada hatoer̅an ka ramana: Nja langkoeng-langkong ama téh nja kasangsara, soekoer koe Goesti Al̅ah di salamětkěn!
Gěs kitoe toeloej ramana tjatjarita děhi: Tidinja ama toeloej dibawa lajar ka Bagdad, ka radjaän kangdjěng Soelthan Haroenalrasid, ama amit ka nangkoda, něd̅a tinggal di Bagdad, wangsoel̅an nangkoda: Hadé, kami rék toeloej ka nagri Tjina měli téh!
Di Bagdad ama asoep ka imah miskin, tjampoer djěng sagala miskin; ari njatoe nginoem tjadong paparin Goesti Soelthan Haroenalrasid ti imah miskin. Toeloej ama ka pasar, rék ngadjoewal ali djěng gelang tėja, ngadjoegdjoeg ka hidji waroeng, njampak aja saoerang awéwé kěr dagang, njangharěp̅an réja toempoekan barang soetra-soetra, lakěn-lakěn, di wadah̅an dina almari ĕntěng.