Ieu kaca geus diuji baca
186
- Nabi ngawoeroek ka oemat-oematna,
élmoe sihirtéh haram hoekoemna, ti bahěla datang ka ajěna,
tě matak djadi moelja djadina. - Saběnang-běnang koedoe singkahan, oelah rék résěp koekoesoemahan, anak intjoetéh koedoe pagahan, lĕwih hadé koeli njijar oepahan.
- Hoekoemna halal taja tjatjadna, sabab rědjěki ladang késangna, laoen-laoen djadi bĕngharna, lamoena lĕkĕn bisa něndĕna.
- Karana lamoen hésé ngalana, njakitoe děhi hésé bidjilna, tina karasa hésé tjapéna, tangtoe di itoeng oentoeng roegina.
- Hantě soesah pandjang tjarita, sadajana ogé gěs manggih njata, noe měnang waris poesaka harta, babari lĕngit sakitjĕp mata.
______________