Kaca:Carita Abdurahman jĕng Abdurahim.pdf/27

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
22

salasa tanggal gěñěp wělas, běnang naros ti doekoen, poerah matañgankĕn. Tjatoer na, koedoe powé éta nja Kinpang, tanwandé manggih rahajoe. Bral koering lempang, děmi datang katengah lapet kataradjang riboet boedjan angin, gede tě kintěn, kapal miring, datang ka njioek tjai, lěp kalěboeh.

Ari koering néwak papan roebak, di toempakan djěng poen anak, papan kabawa koe lambak, měnang opat powé poen anak bisa kénéh ngamběkan, kalimana gěs lesot tina papan, koering lěs tě ingět.

Ari ingět koering gěs dina kapal kěr di inoeman tjí tadjén koe nangkoda, ari gŭs sěgěr koering di pariksa koe nangkoda, asal na noe matak manggih balahi, toeloej koering tjatjarita, asal poerwana; sanggěs tamat tjatjarita koering, nangkođa nangis, lahir na: Insa Allah kawoela ngalaksanakěn, karěp andika ka nagara Měsir, kawoela ogě rék lajar ka Mesir, poelang ti Basarah saboě koering di kapal taja pisan ka koerangan, barang teda rawoeh papakéjan di paparin noe araloes, sorban khamis, badjoe badan, djoebah, tjalana; měnang dalapan pěting dongkap ka Měsir, koering di děběskěn ka Radja Měsir, di paparin sapoeloeh pasmat kěr balandja