Kaca:Carita Abdurahman jĕng Abdurahim.pdf/71

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
66

Para poetra ngawalon; Lěrěs pisan, salagi mioenggoeh oerang badwi mah, ngabadog, ngarampog, ngarampas, ngabégal di bélaän, soemawona manggih kitoe pětana měrěn rasana saroewa djắng nimoe pěpěnděman baé; rasa koering mowal kamilik dēui, koe ama di dawa ogé měrěn pasang padoe, di bélaän soempah ! Ramana ngawangsoel: Běněr éta omong manéh, sabab ama gěs rěměn di patjikěh koe badwi, sabab loembrahna agama téh di paké pipinding baé, toer dina agama mah, nja koedoe kitoe noe hadé téh tjara éta walanda teja, hàntě, kidib hijanat kitman, těgěsna kidib bohong, hijanat tjidra, kitman njoempoetken.


Tidinja éta doewit koe ama di tampa, ari kapal koe ama toeloej di bikěn baé ka eta istriman téh, tina bangět nja tarima sěrta asoep kana gandjaran katěměñanana, tapi éta istriman wěĪéh hantě daékén, di paksa baé koe ama, daékén sotéh.


Menang toedjoeh pěting, nja ngěnděk di palaboewan Měsir, saban powé saban pěting soekan-soekan baé dahar lēět, sapowéna měntjit doewa domba kibas djěng tiloe poeloeh ringgit balandja měli mantéga, samin, madoe, kismis, korma, kopi, dahar lēět berdjamaäh dĕng oelama-oelama.