Kaca:Carita Abdurahman jĕng Abdurahim.pdf/73

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
68

Sanggěs djědjég toedjoeh pěting, toeloej ama dangdan nijat djalan ka darat. Seh Abdoeŕahim dangdan děui rék moelang ka Bagdad, tapi rék djalan laoet. Tidinja ama sasalaman andoem salamět djĕng Séh Abdoeŕahim rawoeh istriman teja, tiloewan patoetoengkoe tjěrik doeméh rék pisah, sărta hantě ngira papanggih děui.

Sanggěs kitoe bral patoekang-toekang ama djěng Abdoerahim rawoeh istriman.

Ama mawa doewa boeroeh noe mawa papakéjan rědjěng běbékélan, saparat djalan taja noe di pikir ngan kangěněsan pisah djếng Abdoeŕahim sërta mikiran kabagēran oerang walanda teja; děmi datang ka hidji pamondokan, aja hidji djělěma kira těngah toewoeh oemoerna, sérta lébé sěmoena, noe di koetjěl sapopowé ngan tasbé baé, éta djelēma papanggih djěng ama di djalan waktoe asar, barang gok papanggih, oeloek salanı, toeloej sasalaman bari nanja, pokna: Toewan noe timana sèrta moelih timana? rék angkat kamana? bakal koelěm di mana? Di wangsoel koe ama: Kawoela asal ti nagara Sam, poelang ti nagara Měsir! Ngomong djalma oelat pandita téh, pokna Hé kisanak! kawoela noe matak ngalantoeng sorë-soré di djalan gědé téh, nja eta bisi aja sanak baraja