Lompat ke isi

Kaca:Carita Abdurahman jĕng Abdurahim.pdf/83

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

78

Tidinja ama hantě bisa ngomong, tina bawaning kaget djěng biñgoeng, dalang ka nampik toeloej ama indit bari tjērik, hantē sasalaman-salaman atjan; tina kabingoengan ka saha nja ngoengsi atawa njarandoe něča toeloeng di pang měnang ken éta oewang. Tidinja ama lēmpang sakalėmpang-lémpang, tamboeh-tamboeh noe di djoegdjoeg, samar-samar noe di sědja, lémpang bari njoesoetan tji mata.

Sěrta ngadoa ka Goesti Allah, kijě doa ama: Ja Alah, ja karim, ja rahman, ja rahim, Goesti noe hantě ka alang ka-alingan, noe moelja noe moerah noe asih, Goesti bantě kasamaran ka lampah koering djēng ka lampah noe děngki kanijaja!

Bari ladjoe ama lēmpany; gés kitoe manggih hidji lėmboer gědě di bawah parental Měsir; tina taja pisan kawawbehan, toeloej ana asoep ka masdjid baé kapanggih koe hidji hětib gés sēpoel, djanggotna gěts bodas, pasėñoña hade akoewan, Inariksa ka ama: Hé ki sanak noe timana sampéjan! Di wako koe ania: Toewan kawoela ti nagara Sam poelang ti Měsir, tina djasad kawoela tévě gadoeh kawawoehan boro borowěn, manawa aja idzin toewan, djasad kawoela neda ngarěrěb.