Lompat ke isi

Kaca:Carita Abdurahman jĕng Abdurahim.pdf/93

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
88

boedi santri, légég lĕbé, nanja ka abdi sarēng ngadjakan ka lěmboer; dopi dongkap ka lěmboerna, langkoeng-langkoeng sadija, sor soesoegoehna ka abdi langkoeng-langkoeng saéna; ari sabada salat magrib sor děhi soegoeh sangoe; toeloej abdi něda běrdjamaah djĕng priboemi téja, malah batoer abdi boeroeh noe doewaan téja di bawa ngarijoeng. Sanggěs dahar, bol tji kopi sarěng hoga, ari gěs éntép barang dahar, toeloej priboemi nawaran soegan rék siram, gěs sadija tji panas tji tiis; ladjeng abdi mandi njampak sadija pisan, aja saboen aja topo. Sanggěs mandi, abdi dijoek děhi omong-omongan djěng priboemi téja, gěs kitoe priboemi ngomong pokna: Toewan bisi gěs palaj, gěra koelěm; nanging awon hantě ka tjarijoskěn, saréhna mangsa ajěna di dijě réja pisan paling, hantě loewang pěting kapalingan téh, oepami njandak noe saé-saé, lélérkěn, sědja di ampihan koe djasad kawoela baé di imah. Koe abdi hantě di pikir děhi, tina kapĕrtjajaän ka éta priboemi, nilik sakitoe taladjakna, kabagěranana. Toeloej baé kĕpék papakéjan rawoeh oewang na, ladang béjas téja, koe abdi di sérénkĕn něda di pañgampihanken, toeloej di tampa koe manéhna pisan, di bawa ka imahna; tě lila djěboel poen boejona mawa simboet sarěng ninjak wangi, pokna: