Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/105

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
102

batoerna, di sědjakĕn kĕr njai Sri, roedjak tjaoe djĕng kalapa.


230 Maké minjak sĕñgit ĕntĕng rĕdjĕng sisir, hatoeran Sri téja, éta sakitoe noe galib, di Pasoendan mah ges kaprah.


231 Sanggĕs éntép sasadjén baris njai Sri, toeloej mitěmbějan, di boewatna apik-apik, nja koe étém pakakasna.


232 Běbĕnangan saoerangna anoe galib, watĕs tiloe sangga, radjĕn ogé aja lewih, opat sangga pangbisana.


233 Běbĕnangan toeloej di pangkék sakali, di djijĕn ěndannan, ĕnggĕs kitoe toeloej děi, ĕndan di djijĕn gĕgĕsan.


234 Di toempoekĕn kira samadéja kati, satoempoekañana, 'oepami kěr ngĕtjrĕk ngidjih, sok radjĕn maké lantajan.


235 Toeloej ngakoet ngampihkěn paré ka lĕit, ari kalampahna, di piadat koe noe tani, ngarěmpoeg satatanggana.


236 Sawaréh mah maké rĕngkong soeka ati, kadjěn tambah