Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/107

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
104

bĕrat, rĕngkongna di goebag-gabig, sok moen haroes kadéñgéna.


257 Tata ngakoet réja karĕñak-karĕñik, maké indoeng bapa, di wadahan dina said, sawaréh mah dina antjak.


258 Anoe běnang di boewat barang mimiti, tina poepoehoennan, éta noe di poesti-poesti, di pěta di réka ĕma.


259 Aja anoe di parabotan lalaki, maké di pěndokan, koemaha tjara lalaki, éta di sĕboetkĕn bapa.


260 Hidji děi di pěta di réka istri, maké dí běntéñan, koemaha parabot poetri, éta indoeng di sĕboetna.


261 Di bawana étamah di poesti-poesti, ari pĕrnahna, di bawana ti pandĕri, ngiringkĕn anak-anakna.


262 Sanggĕs datang paré ka boeroewan lĕit, réja tarékahna, di aloengkén hidji-hidji, aja noe ngělĕp saoerang.


263 Indoeng bapa mangké di tĕndĕn pandĕri, paké panoetoepna, éta sakitioe noe galib, noe kalampah gĕs goernita


264 Poerwa koeła wani njeboetkĕn gěs galib, lain hidji