Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/109

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
106

doewa, kabéh gé ěnggěs kaboekti, malah di bawah Limbañgan.


265 Ngan saoerang anoe ninggalkěn talari, di boewat ngakoetna, tě maké kreñik, djeng tě maké indoeng bapa.


266 Kabeh baé talari tali paranti, koe éta di tinggal, hidji taja noe di tolib, ari ngarau éta djalma.


267 Kjai hadji Hasan basari di Soetji, tina sabab moengpang, ninggalkěn tali paranti, malah réja anoe ngoepat.


268 Di seboetken mahiwal tinggal paranti, tapi rasa koela, běněr éta kjai hadji, sanadjan gěs djadi adat.


269 Ana hantě kabarti jén aja hasil, montong di pilampah, tatapi moen aja hasil, talari kolot pagěhan.


270 Lamoen toekoeh magěhan tali paranti, tangtoe salawasna, mowal tambah harti hasil, tetep bodo sapandjangna.


SINOM.


271 Éta kitoe noe kalampah, talari tali paranti, pětaning anoe di boewat, réja lakoe hantě hasil, lamoen těměn di pi-