Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/11

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
8


těs gěněp toedjoeh rispis, sa tjaéngna kitoe gé arang noe kontan.


9 Malah di Parakan-moentjang, radjěn benang lima rispis, éta ěnggěs těrang pisan, hargana géséh téh těing, mangsa tina ajěna galib, sok langkoeng tina sapoeloeh, noe matak tambah mahal, sababna anoe gěs boekti, tina tambah réja djalma anoe něda .


10 Nadjan tambah ogé sawah, tatapi hantě katanding, masih réja tambah djalma, tah kitoe noe matak wadjib, éling ka noe tatani, soepajana bisa madjoe, sanadjan tambah lěga, sawahna ngabédah děi, roegi kénéh moen tě tambah pangngoména.


11 Oepama noe njamboet sawah, sa baoe sarta djěng radjin, béjak akal pamolahna, měnang lima tjaéng kati, rědjěng sa hidji děi, njamboet sawah doewa baoe, pamolahna loemajan, měnang lima tjaéng kati, éta tangtoe roegi anoe njawah lega.


12 Měnding anoe hantě lega,tapi koedoe sarta radjin, béjaken akal ihtijar, soepajana gedé hasil, tapi pamikir galib, djalma anoe koekoeh toekoeh, tara pisan mikiran,