Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/111

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
108


kir, lampah gaplah lakoe boentoeng, djadi rarat sambara, toer hantě těroes djěng dalil, djalma anoe ngélmoe tangtoe tě pertjaja.


272 Réja lakoe-lampah bidāh, ngéstoken kawasa nji Sri, tě noehidkén ka Pañgéran, noe ngadaměl boemi langit, lamoen těměn di pikir, lamoen kitoe koerang soekoer, sababna Goesti Alah, gěs ngadaměl boemi langit, djěng manaskěn srañgéňgé noeroenken hoedjan.


273 Éta kabéh djadi hikmat, taněh ěkěr oerang ngantjik, sarta ěkěr pěpělakan, srañgéngé nja kitoe děi, sapirang-pirang hasil, djadi kangěnahan mahloek, ngawasken titingalan, ngalěngitkěn bijoek-batjin, djeng ngasakěn saroepaning boeboewahan.


274 Hikmatna noeroenken hoedjan, ngadjadikén kabéh siki, anoe matak oelah koerang, nja narimaken ka Goesti, lamoen ngajakén nji Sri, hantě tohid ka Jang Agoeng, tanah Arab, Eropa, taja babasaän nji Sri, tapi paréna hadé lěwih ti oerang.


275 Sabab éta gěs tétéla, pěrloe koe oerang di basmi, noe njěboet njai Sri bidah, mindingan tohid ka Goesti, lamoen tětěp di pikir, kahasilan mowal madjoe, tina hantě néjañgan,