Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/115

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
112

tangtoe djadi roegi, béjasna kěna koe boeboek, atawa di hakanan, koe opong anoe gěs galib, mana koedoe gěs toehoer ngampihañana.

280 Tjoba moen pada noeroetan, di boewatna maké arit, sarta běběnangañana, nja kitoe děi di irik. wadahan dina tampir, tangtoe baé lewih oentoeng, hidji prakara gampang, kadoewa taja noe lěngit, tangtoe taja hétjak ragrağan di djalan.

281 Ari tjara noe gès kaprah, lamoena těměn di pikir, hidji roegi pagawéjan, étém běnangna saětik, di sawah kénéh lěngit, ěkěrna mangsa di toempoěk, boektina gěs tétéla, samangsa gěs roempak-djami, pisaoeñgan djadi kawas pabinihan.

282 Tétéla réja noe moerag, kěr mangsa di toempoek tadi, atawa kér di endañan, didinja mangsana lěngit, katiloe jakin roegi, ěkěr waktoena di akoet, tangtoe moerag hětjakna, kěr di aloeng ngoerang děi, pirang-pirang sabab karoegijañana.

283 Malah-malah di Soematra, djalma anoe ahli tani, gěs réja anoe milampah, di boewatna maké arit, ari ěnggěs kaboekti, lěngit roegi woewoeh oentoeng, gěs djadi kangěnahan.