Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/119

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
116

tina di boewat katjiri, lamoen tatjan asak waktoena di beowat. 288 Sok téréh roeksak béjasna, paréna nja kitoe děi, ngan sakitoe popojaña, ari di Garoet noe galib, pihatoer noe tarani, koewat watës doewa taoen, lamoen hadé paréna, di boewatna ěnggěs moesim, anoe ëkër di sëboet běběrat-sangga.


289 Tapi ari kěr bibitmah, oelah lawas-lawas těing, liwat tina toedjoeh boelan, oelah noe ngora di pipit, koedoe asak téh těing, tjara noe ěnggěs di sěboet, di pasal bibit téja, béda djěng barís ka lěit, éta kitoe tjatoer noe ahli sasawah.


XII
PASAL BĔBĔNANGANANA PARÉ.
SINON KÉNÉH.


290 Ajena di ganti pasal, nja éta anoe di goerit, běběnangan paré téja, popojan Dalěm Dipati, di Bogor noe gès galib, di sawah kira sabaoe, asal tadi bibitna, toedjoeh poeloeh lima kati, lima tjaéng kati běhěnangañana.


291 Moen di noe léndo sawahna, di noe añgar mah tě něpi, ngan tiloe jaéng satěngah, naék opat tjaéng kati, malah