Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/121

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
118

sok toeroen děi, di lěmah katjida koeroe, doewa tjaéng satěngah, sakitoe gé toeroen děi, doewa tjaéng djédjég moen koerang ngoména.

292 Popojan toewan Tjiomas, ngitoeng tina asal bibit, oepama paré di hoema, sagédéng asalna bibit, opat poeloeh mah djadi, paré di sawah katjatoer, tina hidji bibitna, tiloe poeloeh tiloe djadi, radjěn géséh saetik koerang lěwihna.

293 Galibna di Pasoeroewan, dina sa baoena djadi, doewa poeloeh 'pikoel měnang, tatapi sok radjěn lěwih, ana parěng moetjěkil, měnang toedjoeh poeloeh pikoel, tapi pangsaětikna, doewa poeloeh pikoel djadi, běběnañgan dina sa baoe sawahna.

294 Pañgoeniñga radén Rangga, Danoekoesoemah koemětir, dina sabaoe běnangna, tiloe opat tjaéng kati, ana kěr hadé moesim, sarta dina sawah gěmoek, radjěn tambah běnangna, měnang lima tjaéng kati, ngan sakitoe pañgoeninga radén Rangga,

295 Ari loembrah di Limbangan, pihatoerna anoe tani, běnang dina sabaoena, doewa tiloe tjaéng kati, tapi koela pribadi,