Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/123

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
120

gěs njoba dina sabaoe, di noe léndo sawahna, měnang gěněp tjaéng kati, mindo děi njoba sarěng toewan Hola.

296 Sawah di nagara pisan, pěrnahna kaléřén lodji, mělak paré tiloe roopa, parė běrěm paré koening, noe saroepa děi, paré kéwal noe katiloe, paré bérěm běnangna, opat tjaéng mandjing kati, lima poeloeh gédéng lěwihna di bilang.

297 Ari paré koening téja, měnang lima tjaéng kati, djěng děi aja lěwihna, dlapan poeloeh gédéng káti, anoe saroepa di, paré kéwal lewih oentoeng, ginép tjaéng běnangna, sratoes dlapan poeloeh lewih, mandjing kati tjaéng sarawoeh gédéngna.

298 Katiloe koela gěs njoba, di sawah koela pribadi, ngan tiloe baoe lěğana, di sawah añgar téh téing, běnangna sok saětik, pernahna děkět Tjilédoeg, kěr loewang katoekangna, toedjoeh dlapan tjaéng kati, taoen ijě koe kawoela gěs di tjoba.

299 Di tjoba di gěmoek hěla, di téndéñan tai moending. ngan tiloe ratoes tanggoeñgan, balandjana gěněp rispis, tapi tě rasa roegi, di ahirna manggih oentoeng, arí ěnggěs diboewat, kapanggih běnangna léwih, balandjana kaboewal koe kaoentoeñgan.