Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/127

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
124


kaldé tai ěmbė, tai méři tai bajam, tai éntok djěng sowang, djěng tai sagala manoek, ari gemoek noe gěs loembrah.


303 Tai sapi tai moending, réja djalma gěs milampah, sanadjan oerang Malangbong, lëmboer Tjilělěj Tjioraj, kaboepatén Soeměđang, njawahna maraké gēmoek, roemasa goréng taněhna.


304 Taněhna añgar téh těing, sapatoet djěng Wanakarta, tina radjin oentoeng ogé, aja běhěnangañana, tjockoep sakadar-kadar, tjoba lamoen hantě kitoe, tanwandé tjoetjoed roegina.


305 Noe matak pada ngaharti, doewa prakara sababna, sapěrkara taněh goréng, ngoelajab néjangan akal, sangkan aja hasilna, kadoewa asil karoehoen, oerang Tjilěléj ngoembara.


306 Minděng njaba ka Batawi, alam di bawah Limbañgan, soemawona ka Tjirěbon, tajoh di pangoembaraan, néndjo noe pěpělakan, hantě tinggal maké gémoek, datang ka imah milampah.


307 Karasa hasilna boekti, toeroen ka anak. intjoena, tě tinggal talari kolot, něpi ka djaman ajěna, tambah aja toe-