Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/129

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
126


ladan, ki Djawang noe gěs kamashoer, těměn wěkět djěng daékan.


308 Dalang ka ngéléhkén boemi, asalna anoe ngoembara, dalangna ngan karo bědog, hěg mabakan di soendoelan, tjatjakar ngomé lahan, doegal-değil kedoek soengkoer, njawah ngěbon pěpělakan.


309 Béjak légok béjak pasir, bějak lěwěng hějak těğal, lila-lila tjoekoel kabéh, lěmboerna gědé santosa, pinoeh koe pěpělakan, ngadingding awi djěng waroe, hiroep taja kasoesahna.


310 Ki Djawang noe ahli tani, lampahna djaba ti njawah, ngěbon soeoek ngěbon djagong, mělak talěs mělak katjang taja anoe kaliwal, soemawoña tjaoe tiwoe, djambé kawoeng djěng kalapa.


311 Madjoe baé oenggal moesim, oenggal-oenggal sisi hoema, dina djěrowěn kakalén, di pělakan anoe koewat, awi waroe ngadjadjar, tina nenggal taoen madjoe, malah méh béjak sampalan.


312 Ingon-ingon sapi moending, taja pisan kakoerangan,