Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/13

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
10


ngan noeroet tali paranti, béda pisan djěng adat oerang Éropa.


13 Ari oerang Éropa, sapandjang tě wěléh mikir, karésépna njoba-njoba, tara ngěrěnkěn pamikir, anoe di pikir hasil, boektina katingal madjoe, datang ka bisa aja, tělěgrap sakitoe hasil, ěnja éta kawat noe ngantěng di djalan.


14 Hasilna mawa omongan, sakitoe běněr djěng gasik , ana di pikir saliwat, kawas-kawas anoe sakti, réja anoe ngalahir, oerang soenda anom sěpoeh, jén lain samanėja, tangtoe baé djalan sakti, tina hantě kaharti pisan koe akal.


15 Éta lain pisan-pisan, sakti kanti djéng noe gaib, ngan tina mébérkěn akal, élmoena di boelak balik, njampoerken atji-atji, prak djadi datang ka kitoe, ari moenggoeh di oerang, tjara kitoe mowal něpi, gěna- gěna méjakén élmoe sasawah.


16 Koedoe baé akal-akal, di pikir datang ka djadi, soepaja gědé běnangna, tina lahaña saětik, soesahna koerang děi, sarta balandja tě hamboer, aja tiloe prakara, akal noe koe-