Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/131

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
128


domba ěmbé aja baé, sarta taja kapitjěña, taina di paké gěmoek, dina taněh pangangarna.


313 Djěng tě pisan paja tjitjing, tjadoe nganggoer sapandjangna, hantě ngaloewangken gawé, ari sila djěng ngarara, tjangogo raraoetan, ana nangtoeng manggoel patjoel, sidéjang djěng milih bawang.


314 Ka pipir mawa pañgali, los ka djalan mawa tjongkrang, njarandé ngaraoet howé, kitoe lampahna ki Djawang, noe matak réja oewang, kamashoerken ka pěrkoewoe, kapidangkén ka Soemědang.


315 Éta kitoe poerwa radjin, oerang Tjilelej Tjioraj, rėja-réja néndjo tjonto, ajěna ngébatkěn tjrita, lampah ngagěmoek téja, gěmoek koeda noe katjatoer, réja noe njéboetkěn panas.


316 Tjatoer kitoe mowal boekti, poegoeh gěmoek hadé pisan, ari anoe lěwih hadé, minangka noměr hidjina, saoer noe ahli priksa, ěnja éta tai manoek, noe pada baroga djang-djang.


317 Tai hajam tai měri, sowang éntog gé saroewa, asoep noměr hidji kénéh, ari tai ěmbé domba, kaäsoep noměr doewa, sapi moending noměr tiloe, koeda kaäsoep kadinja.