Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/133

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
130


318 Djoekoet-djoekoet djëng djarami, djèng sagala dangdaoeñan, djadi gěmoek kénéh baé, tapi koedoe galo pisan, dalit djếng koedoe di sina boeroek, gěs tandoer kari galona.


319 Koe prakara éta wadjib, dina mangsa ngarambétna, djoekoet di lělěpkěn baé, tatapi oelah kapalang, koedoe těppi ka dasar, soepajana toeloej boeroek, moen déét gampang djadina.


320 Saoepama réja těing, kaliwat tina mědjéhna, poegoeh baé hantë hadé, lain toedjoel tai koeda, nadjan moenggoeh di djalma, galib kaseñěngna sangoe, lamoen réja kaměrkaan.


321 Kasaoeran ménak koering, tai koeda éta panas, tatapi éta tě jaktos, noe ngarang gěs njoba pisan, kapoengkoer mah pěrtjaja, ngagoegoe pisaoer sepoeh, jén tai koeda téh panas.


322 Koela gěs mělak panili, noe di séboet angkrék téja, salawasna kěří baé, sagědé njéré arějna, gés kitoe měnang patwa, jén koedoe maké di gěmoek, nja éta koe tai koeda.


323 Tadina koela nja inggis, tina gěs kamashoer panas, hantě