Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/135

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
152


waka di pigawé, tina rěměn ngawoeroekna, toewan noe ahli patwa, tidinja ladjěng di toeroet, piwoeroekna di pilampah.


324 Sarta njijën ogé tjiri, soepaja djadi katara, njijěn doewa rocpa baé, sawaréh té di gémoekan, hajang njaho bédana, anoe sawaréh di gěmoek, nja éta koe tai koeda.


325 Tiloe boelan ěnggěs lilir, gěněp boelan béda pisan, sataoen gěs katjék gědé, arějna marontok pandjang, tě lila bidjil kěmbang, ari noe tě di gěmoek, mérékététét arějna.


326 Gědéna sagědé tjinggir, tjinggir ogé tjinggir boedak, tidinja mimitina téh, koela pertjaja katjida, jén éga gěmmoek koeda, salijan djěng tjatoer sěpoeh, poegoeh gemoek hadé pisan.


327 Éta ěnggěs loembrah galib, anoe tani di Prijañgan, réja anoe tatjan ngartos, tina hantě di pikiran, nadjan ěnggěs tétéla, tambah adatna sok toekoeh, ngoekoelan lalakon bapa.


328 Tapi gěs apal téh těing, jén gémoek aja gawéna, ngan pondok ingětan baé, réja djalma pěpělakan, di oeroet pa-