Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/137

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
134


kandangan, djěng réja pisan noe ngipoek, térong dina oeroet imah.


329 Katjiri bėda téh těing, marontok pisan djadina, tapi tě di pikir baé, gemoek bawa ka keboñan, akoetan koe tjarangka, pěpělakan měrěn aloes, tjara dina oeroet kandang


330 Měrěn tambah boewah djeng běti, moen bako tambah daoeña, tjapéna kapoenah baé, tina kahasilañana, tjara di Wanasaba, noe tani tě tinggal gěmoek, tina gès boekti oentoengna.


331 Gěmoek sapi gěmoek moending, sarta salijan tidinja, tina djalma ngarti kabéh, datang ka gědé hargana, di djoewal tatanggoenğan, oerang Batawi nja kitoe, oerang Bogor gé saroewa.


332 Tatapi oerang Batawi, koerang trang kahartina, oerang Bogor kitoe kénéh, gěmoek téh di bělěm hěla, lamoen kitoe pětana, tangtoe djadi koerang gěmoek, koe sěně gěs đi hạkanan.


333 Tangloe sisip anoe kari, dina saratoes tanggoengan, ngan dalapan karina téh, ari oerang Wanasaba, hantě dibělěm hěla, mapan boekti lěwih oentoeng, noe mělak bako loembrahna.