Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/139

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
136

334 Tjaritana lěwih hasil, dina sa baoe běnangna, lima wělas pikoel bako, ari oerang Prijañgan mah, tara měnang wělasan, toedjoeh pikoel gé gěs oentoeng, djěng tara matoeh kěboña.

335 Sédjén taoen pindah děi, abong kénéh léga tegal, noe matak pipindahan téh, nja éta hasěm taněhna, koedoe taněh těrasan, tě mikir tjoba di gěmoek, patoehkěn baé kěboña.

336 Montong pipindahan těing, anggoer pagěr sing santosa, koe noe baris djadi baé, koe djarak léwih oetama, aja doewa hasilña, djadi pagěr tambah oentoeng, boewahna di djijěn minjak.

337 Salawasna tě ngaganti, kaci ngajoeñan noe tjarang, atawa ngoméjan děmpét, hantě gawé ngawaroelah, djadi lamoen di timbang, roegina djěng ngala gěmoek, tangtoe soesah pindah téja.

338 Soemawona koedoe ngarti, manoesa téh ngaréjaän, ari djagat anggěr baé, lila-lila tangtoe pisan, njěsěr méjakěn lahan, ajěna rědjěng kapoengkoer, mapa gěs tétéla pisan.

339 Réja těgal rědjěng pasir, ajěna gěs djadi hoema, sam-