Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/141

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

138

palan gěs djadi kěbon, tina tanda tambah djalma, lamoen hantě mikiran, pada di adjar ngagěmoek, oenggal taoen hantě loewang.

340 Taněh tambah-tambah hasil, toer gampang di pigawéna, ngan kari ngoméjan baé, sabab gěs ridoeh taněhna, akar kai gěs taja, ngan kari mambahan geoek, ana tjěb hédjo djadina.

341 Sarta hantě hésé děi, njijěn pagěr djêng baloengbang. da ěnggěs paragěh kabéh, malah djěng saoengna pisan, njijěn anoe santosa, anoe pagěh sarta aloes, kapaké salalawasna.

XIV
PASAL ROEPANA PARÉ.
ASMARANDANA KÉNÉH.

342 Ganti děi noe di goerit, dina samangsa ajěna, moenggoeh roepa-roepa paré, djěng ngaran hidji-hidjina, tě poegoeh kénéh pisan, hantě tangtoe anoe njéboet, oepama sahidji roepa.

343 Ngaraña sok sédjén děi, soemawon Soenda djěng Djawa, gěs poegoeh basana sédjén, nadjan Soenda pada Soenda tě saroewa njěboetna, dijé kijé ditoe kitoe, hidji roepa sédjén ngaran.

344 Noe matak hantě di toelis, ngaran sahidji-hidjina, ma-