Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/143

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
140

tak tambah biñgoeng baé, koe sabab éta tétéla, pĕrloe koedoe priksa, roepa ngaran masing poegoeh, sing kapanggih panghadéna.

345 Tangtoe ahirna kapanggih, paré anoe panghadéna, lamoen gĕs manggih noe hadé, ramékěn pada marĕlak, anoe goréng di tinggal, kadjĕn anoe goréng toempoer, ganti koe noe panghadéna.

346 Oelah nampik doeméh lĕir, montong ngarah noe hawara, pilih anoe oentoeng baé, koedoe tiñgali njĕwĕna, djĕng bĕbĕnañgañana, kadjĕn laoen ari oentoeng, gantjang ogé ari pintjang.

347 Rědjĕng koedoe éling dĕi, hadé djéng goréng béjasna, noe awét djĕng noe tĕ awét, noe bĕnang di tĕndĕn lawas, éta koedoe waspada, moen gĕs manggih anoe moeloes, oentoeng djěng hadé béjasna.

348 Éta koedoe djijěn bibit, walatrakën masing rĕkah, soepaja pandjang lalakon, tambah-tambah kasěñañgan, sabab éta bakoena, loeloegoe běkěl noe hiroep, poerwa sañgoe di seboetna.