Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/149

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
146

djadi koe sabab éta, hama téh wadjib di toempoer, sääkal sabisa-bisa.

360 Hama téh rėja noe djadi, koe sabab opat pěrkara, sapěrkara goreng gawé. gagabah molah taněhna, kadoewana gagabah. kana bibit koerang oeroes, sarta kana pabinihan.

361 Katiloena koerang radjin, ngomé sawah sapandjangna. kaopat tina talédor, koerang ngadjaga tjaina. éta opat perkara, djadi hama anoe matoeh, pěrnahna di noe moemoelan.

362 Kadjén hantě reja běrit, atawa hama noe lijän, lamoen tani hantě gětol, tangtoe koerang béběnangan, djadi koe sabab éta. moenggoeh anoe tani pěrloe, koedoe radjin djěng daékan.

363 Tangtoe pisan paré kěri, lamoeña bala taněhna, rédjěng déi tangtoe baé, djadi panjoempoetan hama, tjara hérit djěng koengkang, djěng hama djaba ti kitoe, pada njoempoet di noe bala.

364 Léwih goréng tjai tjitjing, matak ngadjadikěn hama, sarta roedjit roepana téh, soepään djěng koelapěñgan. noe matak djadi tjatjad, paré gěřing hantě moeloes. radjen dalang ka paéhna.