Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/155

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
132

kitoe pětana, sawaréh lain di kitoe, běnangna koedoe di téwak.

376 Sawaréh koedoe koe tali, di tjĕkĕlan koe doewaan, toengtoeng pada toengtoeng baé, di tarik di bawa lĕmpang, sato hama téh moerag, ragrag ka tjai hos toempoer, atawa hibur njaringkah.

377 Tapi koedoe pisan éling, lamoen kěr kěmbang paréna, akal kitoe hantě hadé, bisi piboewalěn téja, katarik miloe moerag, wewěkas koela sakitoe, noe tani sing jatna pisan.

378 Lolodok djĕng hama poetih, lĕńgitna babari pisan, sabab di rambét gé hadé, moen rosa saätan téja, gěs saāt di lěboewan, tjara tadi ges di seboet. pěta ngalengitkĕnnana.

379 Djěng aja sawaréh déi, akal ngalĕngitkĕn hama, nja éta di angsrét baé, koe tjai noe baoe téja, noe lara djadi gagal, hadé tji-bako djěng lĕhoe, koelit djĕroek anoe pahang.

380 Atawa daoen lagoendi, sarta salijan tidinja, daoen sĕmboeng ogé hadé, běběk paké ngangsrét téja, soepaja